JENIS WAWANCARA
Dumasar kana carana,
kagiatan wawancara dibedakeun jadi 3 rupa, nya eta:
- Wawancara
Mandiri
Wawancara individual
sok disebut ogè wawancara mandiri, hartina saurang pewawancara ngayakeun
wawancara ka saurang narasumber. Wawancara mandiri biasana dilaksanakeun ku
saurang wartawan waktu keur maluruh narasumber keur nulis hiji warta.
- Wawancara
Kelompok
Wawancara
kelompok mah biasana jumlah pawawancarana lobaan. Narasumberna mah bisa
saurang, bisa wae kelompok. Upamana waè, Sababaraha urang wartawan ti sawatara
mèdia TV, radio jeung koran ngawawancara grup band, artis, atawa tokoh politik.
Pawawancara biasana ngasongkeun pananya anu bèda-bèda.
- Wawancara
Konfèrènsi
Wawancara
konfèrènsi hartina kagiatan wawancara anu ngalibetkeun sawatara narasumber.
Upamana waèsina acara talkshow dina TV atawa kagiatan diskusi publik. Wawancara
konfèrènsi gè bisa dilaksanakeu boh
sacara langsung boh teu langsung, upamana geus rèa disiarksun ku sawatara TV.
Dumasar kana sipatna aya 2
rupa, nya èta:
- Wawancara
kauger
Wawancara kauger
sok disebut ogè wawancara tertutup, hartina pawawancara kudu bisa nyekel rusiah
sarupaning informasi tina hasil wawancarana, gi mimiti idèntitas narasumber tug
nepi ka perkara anu ditepikeun ku narasumber. Biasana pawawancara geus nyayagikeun
angkèt patalèkan jeung jawabanna geus disadiakeun. Narasumber mah pancènna
ngeusian jeung milih jawaban anu dianggap luyu atawa bener.
- Wawancara
Bèbas
Wawancara bèbas
tèh kagiatan wawancara anu pananyana teu dirumuskeun heula ku pawawancara. Dina
derna wawancara, biasana mah pawawancara ngadadak ngasongkeun ka narasumber
diluyukeun jeung situasi katut kondisi waktu kagiatan wawancara lumangsung
Tidak ada komentar:
Posting Komentar