DONGENG
A. Pengertian Dongeng Basa Sunda
Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda
teh kacida pisan lobana, diantarana nyaeta dongeng. Dongeng nyaeta carita anu
teu asup akal jeung teu bener-bener kajadian, biasana osok nyaritakeun
kajadian-kajadian zaman baheula.
Tapi mun ningali
kaayaaan zaman ayeuna mah barudak teh, khususna anu cicing di Tatar Sunda loba
anu teu wanoh-wanoh acan kana dongeng.
Kukituna urang
salaku kaum muda anu gelar jeung cicing di Tatar Sunda boga kawajiban ngawanohkeun
tur ngajak barudak sangkan resep kana Sastra Sunda utamana kana dongeng. Jenis
dongeng teh loba pisan rupana diantarana ayafabel,parable, legenda, mite,
sage, pamuk jeung dongeng pieunteungeun.
B. Sajarah
Kamekaran Dongéng
Gelarna satra lisan
di tatar Sunda kira-kira dina zaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu.
Dina ieu zaman, sastra anu aya, teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim).
Teu kawas pantun,
carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih,
jeung saterusna. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra
tulis. Sastra tulis aya sanggeus urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab
téknologi ayeuna beuki maju, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat
kabar.
C. Wangenan
Dongéng Basa Sunda
Dongéng nyaéta
carita anu teu asup akal jeung teu kajadian. Dongéng biasana sok nyaritakeun
kajadian - kajadian jaman baheula.
Numutkeun kamus,
dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana.
Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok.
Dongéng téh mimiti
gelarna mangrupa wangun lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma lianna, tur teu
kapanggih saha nu ngarangna atawa anonim. Lantaran nyebar dina wangun
lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit.
Dongéng mangrupa
salah sahiji golongan carita dina wangun prosa. Nilik kana wandana jeung
patempatana, dongéng biasana sok ngambarkeun kaayaan baheula. Tokoh-tokoh dina
dongéng henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna.
Bisa oge nyaritakeun tempat.
D. Unsur-unsur
Dongéng Bahasa Sunda
1.
Tema
Tema
nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina
hijicarita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada
macaatawa ngadéngékeun dongéng.
2.
Galur (Plot)
Galur
atawa osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu
sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hijilanjeureun carita.
Galur dihartikeun runtuyan jeung
patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan
jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur
mabok tengah, jeung galur campuran.
3.
Tokoh
Tokoh
carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
Dina carita aya nu disebut tokoh utama jeung tokoh panambah
Ø
Tokoh
atawa
palaku
utama nyaéta jalma atawa pihak
nu jadi sentral atawa puseur carita
Ø
Tokoh
atawa
palaku
panambah mah jalma atawa pihak anu jadi panambah supaya éta carita téh jadi hirup.
Watak/karakter
mangrupa pasipatan nu nyampak dina diri tokoh atawa palaku.
4.
Latar
Latar (setting), nyaéta waktu
jeung tempat kajadianhiji carita dongéng.
5.
Amanat
Amanat
nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka nu maca. Umumna amanat dina dongéng
mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji
carita nu sagemblengna.
E.
Ciri – Ciri Dongeng
1. Caritana pondok Leunjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari
nu jadi alesanana nyaéta dongéng mah osok didongéngkeun kabarudak,
nu tangtuna kamampuh nangkep basa jeung caritana masih kawatesanan.
2. Aya bagian anu pamohalan.
3. Aya nu kaasup
wangun lancaran jeung ugeran.
4. Anonim, teu
kapaluruh nu
ngarangna.
5. Mibanda fungsi jeung kagungan
salaku alat pikerun atikan, hiburan,
proses sosial, atawa kahayang nu disidem, sanajan dongéng ditepikeun sacara malibir tapi mibanda atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
6. Sipatna teu logis, nyaéta mibanda logika nu béda jeung logika umum.
7. Sipatna tradisional, nyaéta sumebarna
sacara turun- tumurun.
8. Pola ngadongéng sok angger.
F.
Pungsi Dongéng
Kalungguhan dongéng
kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi.
Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun
kapercayaan.
Pungsi dongéng ti jaman
ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual
manusa nu nurutkeun kana kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun
ngabobodo budak céngéng.
Tapi mun seug
dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak
céngéng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun nu ditétélakeun ieu di
handap:
1.
Ngarah anak incu urang nyaho
kana turunan.
2.
Ngarah anak incu urang nyaho
kana pancakaki.
3.
Ngarah anak incu urang nyaho
kana asal muasalna tempat.
4.
Ngarah anak incu urang nyaho
kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.
5.
Ngarah anak incu urang manggih
luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.
6.
Ngarah pagawéan beurat karasa
leuwih hampang.
Dumasar kana hasil
panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975, yén dongéng
tiasa ngaronjatkeun Intelegence Question (I.Q) budak.
Budak kakeunaan ku
Virus Ach, nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan miboga cara mikir jeung
paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna
tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal.
Panalungtikan séjén
nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung
ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan
di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas
tibatan barudak turunan urang Amérika.
Sabab warga Asia nu
cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun
dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.
G. Papasingan Dongéng
1.
Dongéng
Sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél
nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi,
ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa, tapi
diperankeun ku sato. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu
paripolahna kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung
pikiran.
Dongéng sato
biasana watek palakuna geus dipola. Contona carita Sakadang Kuya jeung
Sakadang Monyet. Dongeng Sakadang Kuya
jeung Sakadang Monyet téh mangrupa dongéng sasatoan asli ti Sunda.
Bénteun jeung
dongéng anu palakuna sato séjén. Contona dongéng Sakadang Peucang,
hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh ti sastra Jawa.
2. Dongéng Babad (sage)
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun
kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Sagé mangrupa carita
peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta
panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun.
Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.
3. Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun
lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun
tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya éta
dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun,
upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.
4. Dongéng Mite
Dongéng mité nya
éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap karamat ku
masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kapercayaan
masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam
dunya, manusa, jeung ayana nu maot.
Aya ogé mite anu
nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, jeung tanda-tanda alam. saperti
sangu, jagong,jsté. Contona : Dongeng Dewi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng
Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.
5.
Dongéng
Pieunteungan
Dongéng
Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa.
Bisa dongéng jalma biasa atawa sasatoan. Contona Cikaracak Ninggang Batu
Laun-laun jadi Legok.
6. Dongéng Pamuk
Dongéng pamuk nya
éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur biasana aya
patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon
Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi''.
Prabu Siliwangi nya
éta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu
Siliwangi téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan.
7.
Dongéng
Légénda
Dongéng légénda
nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat, barang, sasatoan, atawa
tutuwuhan. Dongéng sasakala mangrupa golongan carita anu geus turun tumurun,
anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma
biasa.
Papasingan Legenda
Ø
Legenda Agama nyaéta legenda
jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu geus dikumpulkeun
diantarana:Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul
Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste.
Ø
Legenda Alam gaib nya éta
carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.
Ø
Legenda tokoh jalma nya éta carita
ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.
Ø
Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran
wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang,
jsb. Contona nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang,
Sasakala Maribaya.
G. Teknik-Teknik
Ngadongéng
1. Maca Langsung Tina Buku
Tekhnik ieu anu paling éféktif lamun guru ngabogaan buku
dongéng anu pikareseupeun nu cocok di bacakeun ka murid. Cirining yén dongéng
bisa dipahami ku barudak nyaéta pesen nu didugikeun bisa diserep tur paham yén
kalakuan dina dongéng téh bener atawa salah.
2. Ngadongéng ngagunakeun
ilustrasi tina gambar
Teknhik ieu éféktif lamun
dongéng anu didugikeun dibarengan ku ilustrasi gambar tina buku anu
pikaresepeun budak. Nyaritakeun dongéng maké ilustrasi gambar téh, maksudna
pikeun ngajelaskeun pesen-pesen anu aya dina caritaan.
3. Nyaritakeun Dongéng
Sacara Langsung
Tekhnik ieu éféktif
digunakeun lamun guru nyadiakeun dongéng anu bisa narik karesep siswa. Teknik
ieu mangrupakeun teknik anu paling simpel, sabab teu mikabutuh kana média anu
séjénna.
4. Ngadogéng Ngagunakeun
Papan Flannel
Cara ngajieun papan flannel
nyaéta ku cara ngalapisan papan ku kaén flannel nu warnana netral, terus gambar
tokoh-tokoh anu ngawakilan watak dina dongéng éta digunting polana dina kertas,
terus ditémpelkeun dina papan éta.
5.
Ngadongéng Ngagunakeun Bonéka
Biasana métode ieu mah
disesuaikeun jeung umur sarta pangalaman barudak, biasana barudak bakal resep
pisan lamun dongéng dibacakeun bari make bonéka.
Sumber:
Basa Sunda.; B Sunda.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar