TUGAS BASA SUNDA
Babad
Kéan Santang
Kelas X OTKP 3
RINDA
SEPTIANI
PEMERINTAH KABUPATEN
CIAMIS
DINAS PENDIDIKAN DAN
KEBUDAYAAN
SMK NEGERI 1 CIAMIS
Jl. Jend. Sudirman No. 269 Sindangrasa, Kecamatan Ciamis,
Kabupaten Ciamis, Provinsi Jawa Barat
KÉAN SANTANG
Kéan
Santang téh putra Prabu Siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di
Pajajaran, malah di Pulo Jawa
teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténana.
Dina hiji waktu Kéan Santang
ngadeuheus ka ramana, unjuk-kan yén dirina hayang ningali getih sorangan.
Hayang tarung ngadu jajatén, tapi teu aya nu bisa nandingan.
Ngadangu kasauran putrana kitu,
Prabu Siliwangi geuwat baé nyauran para ahli nujum karajaan. Ménta
bongbolongan, sugan aya jalma anu bisa nandingan kasaktén Kéan Santang. Ditanya
kitu, para ahli nujum téh kabéhanana ngabigeu teu aya nu némbal. Ngan teu lila
ujug-ujug aya aki-aki anu nyampeurkeun ka Kanjeng Prabu.
“Kanjeng Prabu, kaula bisa
nuduhkeun saha jalma anu bisa nandingan kasaktén tuang putra. Jauh pisan éta
jalma téh, ayana di nagri Mekah, ngaranna Bagénda Ali.”
“Saha kira-kirana anu bakal
unggul lamun anak kaula tarung jeung Bagénda Ali?” Kanjeng Prabu ,alik naor.
Anéh pisan, saméméh ngajawab éta aki-aki téh geus ngaleungit, duka ka mana
ngilesna.
Ti harita Kéan Santang teu
genah cicing. Hayang geura gok patepung jeung jalma nu ngaran Bagénda Ali. Hayang
geura tarung ngadu jajatén.
Hiji waktu Kéan Santang pamitan
ka ramana Prabu Siliwangi, seja miang ka nagri Mekah, rék nepungan Bagénda Ali.
Sanggeus diwidian ku ramana, gejlig baé anjeunna angkat ti Pajajaran. Leumpang
ngulon, muru ka lebah panonpoé surup. Bubuhan jalma sakti, leumpangna téh napak
kancang, nyaéta leumpang dina kulit cai, nyéak gancang ka ditu ka kulonkeun.
Barang nepi ka nagri Mekah,
Kéan Santang patepung jeung aki-aki anu keur ngiuhan handapeun tangkal korma.
Pok Kéan Santang nanya.
“Ki, cing tuduhkeun di mana
ayana Bagénda Ali téh?” Éta aki-aki téh ukur melong, neges-neges ka nu anyar
datang.
“Saha Ujang téh?” pokna kalah
malik nanya.
“Kaula téh Kéan Santang ti Pulo
Jawa. Kaula hayang tepung jeung Bagénda Ali. Cenah anjeunna téh jalma sakti,
kaula hayang ngadu jajatén.”
“Euh, kitu. Yu atuh tuturkuen
Aki!” ceuk éta aki-aki ngajak indit ti dinya. Kéan Santang nuturkeun. Tapi
kakara ogé sababaraha léngkah, aki-aki téh pok nyarita, “Aéh, iteuk Aki
tinggaleun. Cing pangnyokotkeun, Ujang!” Kéan Santang geuwat balik deui, maksud
rék mangnyokotkeun iteuk. Ari iteuk si aki téa nanceb deukeut tangkal korma.
Barang éta iteuk dicabut,
karasa bet pageuh. Kéan Santang nyabut deui beuki bedas, angger baé teu
kacabut. Kéan Santang mapatkeun ajian, nyabut deui éta iteuk sataker tanaga.
Ané pisan. Lain iteuk anu kacabut téh, tapi kalah sukuna ambles kana taneuh.
Kitu jeung kitu baé, unggal manéhna nyabut, sukuna kalah beuki mebes.
Kéan Santang geus ngoprot
késang. Iteuk angger teu bisa kacabut. Manéhna mimiti boga curiga yén aki-aki
nu boga éta iteuk téh tangtu lain jalma samanéa. Keur kitu, aki-aki téh geus
aya gigireun.
“Saha saenyana andika téh, Ki?” ceuk Kéan
Santang semu lungsé. Si Aki ukur seuri ditanya kitu téh.
“Nya kaula anu ditéangan ku
andika téh. Kaula Bagénda Ali!” Ngadéngé kitu, rumpuyuk baé Kéan Santang nyuuh
kana sampéan Bagénda Ali. Manéhna taluk, sadar yén kasaktén dirina ukur
satungtung buuk upama dibandingkeun jeung élmu kawedukan Bagénda Ali.
“Kaula taluk, sumerah diri
hoyong guguru ka Kanjeng Bagénda,” ceuk Kéan Santang.
“Heug, tapi andika kudu
ngucapkeun sahadat heula, asup agama Islam,” walon Bagénda Ali.
Ti harita Kéan Santang asup
agama Islam sarta terus guguru, ngulik bagbagan agama Islam di Nagri Mekah.
Sanggeus ngarasa cukup ngalap
élmu, Kéan Santang pamitan hayang mulang deui ka nagrina, Pajajaran. Ku Bagénda
Ali diwidian kalayan dibéré pancén yén Kéan Santang kudu nyebarkeun agama Islam
di Pulo Jawa. Aya dua rupa barang anu dibekelkeun ku Bagénda Ali nyaéta tasbéh
jeung kitab Al-Qur’an.
Kéan Santang mulang deui ka
Pajajaran, nyebarkeun agama Islam. Teu saeutik rahayat Pajajaran anu tuluy
ngagem agama Islam. Ari ramana, Prabu Siliwangi, teu kersaeun ngagem agama
Islam. Dibarengan ku sawatara prajuritna, Prabu Siliwangi ninggalkeun karaton,
ngungsi ka hiji tempat di pakidulan Garut. Ceuk sakaol, di dinya anjeunna ‘nghiyang’,
ngaleungit tanpa wujud. Ari para prajuritna minda rupa jadi maung.
Unsur Intrinsik Dongéng Prabu Kéan Santang
Judul :
Prabu Kéan Santang
Téma :
Asal-usul Prabu Kéan Santang
Tokoh : -Kéan Santang
-Prabu Siliwangi
-Bagénda Ali
Watak : -Kéan Santang : Wanian
-Prabu Siliwangi :
Nyaah ka budak
-Bagénda Ali : Panulung
Latar : -Waktu :
Unggal poé
-Tempat :
Di Ciamis, Mekah, Tasikmalaya, Garut.
Galur : Maju
Prabu Kéan Santang téh salah sahiji putra Prabu
Siliwangi ti Karajaan Pajajaran anu kawéntar kasaktianana. Sapulo Jawa mah
kasaktian Kéan Santang téh geus taya tandingna. Keur nambahan élmuna, Kéan
Santang terus tatapa. Ari tempatna di Patilasan Dépok Sukamulya, Ciamis. Tina
tapana meunang pituduh, mun hayang sakti kudu miang ka Mekah nepungan Bagénda
Ali. Di Mekah, tepung jeung Bagénda Ali. Kéan Santang téh ku Bagénda Ali disina
nyabut iteuk, tapi teu kadugaeun. Tina sabulu-bulu awakna kalah kaluar getih.
Geus tuntas diajar élmu Agama Islam, Kéan Santang mulang ka Pulo Jawa di
Pajajaran. Kéan Santang nyebarkeun Agama Islam. Réa rayat Pajajaran nu arasup
Islam, iwal ramana nu henteu. Kéan Santang maksa Prabu Siliwangi lebet Islam,
tapi tetep nolak. Prabu Siliwangi kabur ka Palabuan Jayanti tapi katéwak. Prabu
Siliwangi teu kersaeun ngalawan ka putrana. Teras ngahiang balad –baladna
ngawujud maung sarta nyarumputna dina leuweung Sancang, Pameungpeuk, Garut.
Prabu Siliwangi jeung baladna anjog ka wewengkon pakidulan Banten, ayeuna
katelah urang Baduy téa. Sanggeus kanyahoan yén ramana ngahiang, Kéan Santang
terus nyebarkeun agama Islam di daérah Tasikmalaya dibaraengan Syéh Haji Kudro
Tuloh, ieu Syéh téh ayana di Cihaurbeuti, sanggeus pupus layon Kéan Santang
dikurebkeun di daérah Gadog, Garut.
Amanat :-Urang
kudu usaha ngarah naon nu di cita–citakeun kalaksana.
-Agama islam teh leuwih luhung,leuwih mulya
tibatan naon bae.
-Jalma gagah tur sakti oge, pasti bakal aya
anu ngelehkeun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar