Jumat, 24 April 2020

JENIS WAWANCARA


JENIS WAWANCARA

Dumasar kana carana, kagiatan wawancara dibedakeun jadi 3 rupa, nya eta:

  1. Wawancara Mandiri
Wawancara individual sok disebut ogè wawancara mandiri, hartina saurang pewawancara ngayakeun wawancara ka saurang narasumber. Wawancara mandiri biasana dilaksanakeun ku saurang wartawan waktu keur maluruh narasumber keur nulis hiji warta.
  1. Wawancara Kelompok
Wawancara kelompok mah biasana jumlah pawawancarana lobaan. Narasumberna mah bisa saurang, bisa wae kelompok. Upamana waè, Sababaraha urang wartawan ti sawatara mèdia TV, radio jeung koran ngawawancara grup band, artis, atawa tokoh politik. Pawawancara biasana ngasongkeun pananya anu bèda-bèda.
  1. Wawancara Konfèrènsi
Wawancara konfèrènsi hartina kagiatan wawancara anu ngalibetkeun sawatara narasumber. Upamana waèsina acara talkshow dina TV atawa kagiatan diskusi publik. Wawancara konfèrènsi gè bisa dilaksanakeu  boh sacara langsung boh teu langsung, upamana geus rèa disiarksun ku sawatara TV.

Dumasar kana sipatna aya 2 rupa, nya èta:

  1. Wawancara kauger
Wawancara kauger sok disebut ogè wawancara tertutup, hartina pawawancara kudu bisa nyekel rusiah sarupaning informasi tina hasil wawancarana, gi mimiti idèntitas narasumber tug nepi ka perkara anu ditepikeun ku narasumber. Biasana pawawancara geus nyayagikeun angkèt patalèkan jeung jawabanna geus disadiakeun. Narasumber mah pancènna ngeusian jeung milih jawaban anu dianggap luyu atawa bener.
  1. Wawancara Bèbas
Wawancara bèbas tèh kagiatan wawancara anu pananyana teu dirumuskeun heula ku pawawancara. Dina derna wawancara, biasana mah pawawancara ngadadak ngasongkeun ka narasumber diluyukeun jeung situasi katut kondisi waktu kagiatan wawancara lumangsung


MATERI SAJAK BAHASA SUNDA LENGKAP


MATERI BASA SUNDA SAJAK

1.      WANGENAN SAJAK
Hidep kungsi nempo penyair anu ngagalantangkeun sajak? Hidep kungsi ngilu pasanggiri ngagalantangkeun sajak? Lamun enggeus, tangtu hidep boga pangalaman anu mandiri. Lamun acan, tangtu hidep bisa diajar. Memeh prung ngagalantangkeun sajak, ayeuna urang guar heula perkara sajak.
Naon ari puisi? Dina sastra Indonesia, nu disebut puisi teh sarua hartina jeung sajak dina sastra Sunda. Ari dina sastra Sunda, puisi teh hartina lega pisan, ngawengku sababaraha jenis karya sastra, kaasup sajak, mangrupa bagian tina puisi.
Leuwih jelasna, nu dimaksud dina puisi dina sastra Sunda nyaeta wanda basa karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunana jeung ku diksina: lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoe atawa cara mangun prosa. Puisi Sunda teh rea rupana, aya nu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya nu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya nu ngawujud carita, naratif (carita pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita; rupa-rupa puisi mantra (jangjawokan, singlar, jampe, asihan), sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan) , kakawihan (barudak), sa’ir (pupujian, sawer, jst), pupuh (dangding, guguritan). Ari anu kaasup puisi anyar nyaeta sajak.
Cindekna, sajak nyaeta salah sahiji sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). sanajan ditulis dina wangun ugeran, tetela sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran.

2.      KAMEKARAN SAJAK SUNDA
Dumasar kana asal-usulna, sajak teh mangrupa karya sampeuran anu jplna tina sastra deungeun, nyaeta pangaruh tina sastra Eropa. Eta karya teh asup tur jadi banda sastra Sunda di mimiti kira-kira taun 1946, nalika para pangarang Sunda, hususna pangarang ngora, mimiti kasengsrem tur mikaresep ngareka basa dina wangun sajak. Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaeta Kis WA.
Sabada ditaratas ku Kis WS, sajak Sunda terus mekar nepika kiwari. Lian tina rea sajak anu dimuat dina majalah jeung koran basa Sunda, saperti Mangle, Cupumanik, Galura, jeung Koran Sunda, oge rea karya anu geus dibukukeun mangrupa antologi. Sababaraha judul buku kumpulan sajak Sunda jeung pangarangna, diantarana : Lalaki di Tegal Pati karya sayudi (1963), Jante Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Tepung di Bandung karya Rahmat M.Sas. Karana, Wasiat konglomerat karya Taufik Faturohman, Lalaki Langit karya Juniarso Ridwan, Jagat Langit karya Godi Suwarna, Maung Bayangan karya Etti R.S,  Jamparing Hariring karya Dedy Windyagiri, Aya Naon di Cinaon karya Wahyu Wibisana, Kidang Kawisaya karya Retty Isnendes, Katiga karangan Yayat Hendayana (1957), Gondewa karangan Etty RS (1987), Jiwalupat karangan Godi Suwarna (2007), jeung rea deui.

3.      ADEGAN (STRUKTUR, UNSUR) SAJAK
Sajak teh mangrupa ungkara pikiran, rasa jeung gagasan pangarang, nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan. Eta pasualan teh asalna bisa dina kanyataan kahirupan sapopoe, bisa oge ukur reka cipta pengarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi, anu satuluyna dijanggelekkeun dina wangun rakitan basa anu endah.
Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara konotatif (kiasan). Ku kituna sajak mah aya kalana hese dipikahartina, lantara ari ungkara konotatif mah loba salib jeung siloka. Beda jeung harti denotatif anu ngungkabkeun harti sajalantrahna. Tapi najan kitu, tetep we unggal sajak mibanda ma’na jeung amanat keur nu macana. Ku kituna, tangtu bae sajak teh mibanda unsur-unsur pangwangun anu ngadeudeul kana jenglengan rumpakana eta. Eta unsur-unsur teh diantarana:
a.      Jejer (Tema)
Tema teh gagasan poko anu rek ditepikeun ku pangayak ka nu maca. Tema dina sajak rupa-rupa, aya tema kaagamaan, kamanusiaan, cinta ka lemah cai, jste. Upamana wae sajak “Tanah Sunda” di luhur teh nyaritakeun kaayaan tanah Sunda anu keur harengheng. Jadi bisa dicindekkeun temana teh ngeunaan cinta ka lemah cai (sarakan).
b.      Nada jeung Suasana
Nada teh sikep pangayak ka n maca. Tina sikep pangayak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu macca. Geura titenan pada sempalan sajak “Tanah Sunda” ieu di handap.
Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman
           
 Dumasar pada sajak di luhur, katangen sikep pangajak teh hayang ngabejaan ka nu maca yen najan tanah Sunda teh endah, tapi tetep hendteu tengtrem tur loba ancaman. Tina sikep eta urang salaku nu maca bisa ngarasa keueung jeung ngahanjakalkeun ku kaayaan kitu.

c.       Rasa
Rasa teh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana teh digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero hate. Sajak “Tanah Sunda” upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero hate. Sabalikna baris kapanggih tur karasa kumaha keueungna, mun macana digorowokeun atawa digalantangkeun.
A.       NGAGALANTAKEUN SAJAK
Ieu dihandap aya teks sajak. Pek ku hidep ngagalantakeun di hareupeun babaturan sakelas. Bagilir wae saurang-saurang, anu sejenna ngaregepkeun sing daria.
 TANAH SUNDA
Karya : Ajip Rosidi
Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring

Masing dimana kuring nangtung
Masing kamana kuring leumpang
Tanah lémbok tempak bumetah
Angin nyeot nyiuman tarang
Masing dimana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mumpang , kuring rék datang
Neueulkeun tarang , neueulkeun jantung
Kuring tungtung teteupan
Kuring tungtung
Teteupan
Tuntung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian getih ngabayah
Getih maranehna nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasadnu ruksak ngalungsar na dada anjeun
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya katengtreman , ngan ancaman !
Unsur-unsur Sajak
1. Imaji nyaeta gambaran anu karasa, katingali, jeung kakuping dina hiji sajak.
2. Simbol atawa lambang nyaeta nginjeum harti tina hiji kecap, pikeun nganteb maksud.
3. Musikalitas atawa wirahma nyaeta hiji tarekah supaya sajak teh aya wirahmana.

Unsur Intrinsik Dongéng Prabu Kéan Santang




                        TUGAS BASA SUNDA
Babad Kéan Santang




                                              Kelas X OTKP 3



RINDA SEPTIANI




PEMERINTAH KABUPATEN CIAMIS
DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN
SMK NEGERI 1 CIAMIS
Jl. Jend. Sudirman No. 269 Sindangrasa, Kecamatan Ciamis, Kabupaten Ciamis, Provinsi Jawa Barat

KÉAN SANTANG

Kéan Santang téh putra Prabu Siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di
Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténana.
Dina hiji waktu Kéan Santang ngadeuheus ka ramana, unjuk-kan yén dirina hayang ningali getih sorangan. Hayang tarung ngadu jajatén, tapi teu aya nu bisa nandingan.
Ngadangu kasauran putrana kitu, Prabu Siliwangi geuwat baé nyauran para ahli nujum karajaan. Ménta bongbolongan, sugan aya jalma anu bisa nandingan kasaktén Kéan Santang. Ditanya kitu, para ahli nujum téh kabéhanana ngabigeu teu aya nu némbal. Ngan teu lila ujug-ujug aya aki-aki anu nyampeurkeun ka Kanjeng Prabu.
“Kanjeng Prabu, kaula bisa nuduhkeun saha jalma anu bisa nandingan kasaktén tuang putra. Jauh pisan éta jalma téh, ayana di nagri Mekah, ngaranna Bagénda Ali.”
“Saha kira-kirana anu bakal unggul lamun anak kaula tarung jeung Bagénda Ali?” Kanjeng Prabu ,alik naor.
Anéh pisan, saméméh ngajawab éta aki-aki téh geus ngaleungit, duka ka mana ngilesna.

Ti harita Kéan Santang teu genah cicing. Hayang geura gok patepung jeung jalma nu ngaran Bagénda Ali. Hayang geura tarung ngadu jajatén.
Hiji waktu Kéan Santang pamitan ka ramana Prabu Siliwangi, seja miang ka nagri Mekah, rék nepungan Bagénda Ali. Sanggeus diwidian ku ramana, gejlig baé anjeunna angkat ti Pajajaran. Leumpang ngulon, muru ka lebah panonpoé surup. Bubuhan jalma sakti, leumpangna téh napak kancang, nyaéta leumpang dina kulit cai, nyéak gancang ka ditu ka kulonkeun.
Barang nepi ka nagri Mekah, Kéan Santang patepung jeung aki-aki anu keur ngiuhan handapeun tangkal korma. Pok Kéan Santang nanya.
“Ki, cing tuduhkeun di mana ayana Bagénda Ali téh?” Éta aki-aki téh ukur melong, neges-neges ka nu anyar datang.
“Saha Ujang téh?” pokna kalah malik nanya.
“Kaula téh Kéan Santang ti Pulo Jawa. Kaula hayang tepung jeung Bagénda Ali. Cenah anjeunna téh jalma sakti, kaula hayang ngadu jajatén.”
“Euh, kitu. Yu atuh tuturkuen Aki!” ceuk éta aki-aki ngajak indit ti dinya. Kéan Santang nuturkeun. Tapi kakara ogé sababaraha léngkah, aki-aki téh pok nyarita, “Aéh, iteuk Aki tinggaleun. Cing pangnyokotkeun, Ujang!” Kéan Santang geuwat balik deui, maksud rék mangnyokotkeun iteuk. Ari iteuk si aki téa nanceb deukeut tangkal korma.
Barang éta iteuk dicabut, karasa bet pageuh. Kéan Santang nyabut deui beuki bedas, angger baé teu kacabut. Kéan Santang mapatkeun ajian, nyabut deui éta iteuk sataker tanaga. Ané pisan. Lain iteuk anu kacabut téh, tapi kalah sukuna ambles kana taneuh. Kitu jeung kitu baé, unggal manéhna nyabut, sukuna kalah beuki mebes.
Kéan Santang geus ngoprot késang. Iteuk angger teu bisa kacabut. Manéhna mimiti boga curiga yén aki-aki nu boga éta iteuk téh tangtu lain jalma samanéa. Keur kitu, aki-aki téh geus aya gigireun.
 “Saha saenyana andika téh, Ki?” ceuk Kéan Santang semu lungsé. Si Aki ukur seuri ditanya kitu téh.
“Nya kaula anu ditéangan ku andika téh. Kaula Bagénda Ali!” Ngadéngé kitu, rumpuyuk baé Kéan Santang nyuuh kana sampéan Bagénda Ali. Manéhna taluk, sadar yén kasaktén dirina ukur satungtung buuk upama dibandingkeun jeung élmu kawedukan Bagénda Ali.
“Kaula taluk, sumerah diri hoyong guguru ka Kanjeng Bagénda,” ceuk Kéan Santang.
“Heug, tapi andika kudu ngucapkeun sahadat heula, asup agama Islam,” walon Bagénda Ali.
Ti harita Kéan Santang asup agama Islam sarta terus guguru, ngulik bagbagan agama Islam di Nagri Mekah.
Sanggeus ngarasa cukup ngalap élmu, Kéan Santang pamitan hayang mulang deui ka nagrina, Pajajaran. Ku Bagénda Ali diwidian kalayan dibéré pancén yén Kéan Santang kudu nyebarkeun agama Islam di Pulo Jawa. Aya dua rupa barang anu dibekelkeun ku Bagénda Ali nyaéta tasbéh jeung kitab Al-Qur’an.
Kéan Santang mulang deui ka Pajajaran, nyebarkeun agama Islam. Teu saeutik rahayat Pajajaran anu tuluy ngagem agama Islam. Ari ramana, Prabu Siliwangi, teu kersaeun ngagem agama Islam. Dibarengan ku sawatara prajuritna, Prabu Siliwangi ninggalkeun karaton, ngungsi ka hiji tempat di pakidulan Garut. Ceuk sakaol, di dinya anjeunna ‘nghiyang’, ngaleungit tanpa wujud. Ari para prajuritna minda rupa jadi maung.

Unsur Intrinsik Dongéng Prabu Kéan Santang
                                                         
Judul           : Prabu Kéan Santang
Téma           : Asal-usul Prabu Kéan Santang
Tokoh         :         -Kéan Santang
-Prabu Siliwangi
                             -Bagénda Ali
Watak                   :         -Kéan Santang       : Wanian
-Prabu Siliwangi    : Nyaah ka budak
-Bagénda Ali         : Panulung

Latar           :         -Waktu        : Unggal poé
-Tempat       : Di Ciamis, Mekah, Tasikmalaya, Garut.
Galur           :         Maju
Prabu Kéan Santang téh salah sahiji putra Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran anu kawéntar kasaktianana. Sapulo Jawa mah kasaktian Kéan Santang téh geus taya tandingna. Keur nambahan élmuna, Kéan Santang terus tatapa. Ari tempatna di Patilasan Dépok Sukamulya, Ciamis. Tina tapana meunang pituduh, mun hayang sakti kudu miang ka Mekah nepungan Bagénda Ali. Di Mekah, tepung jeung Bagénda Ali. Kéan Santang téh ku Bagénda Ali disina nyabut iteuk, tapi teu kadugaeun. Tina sabulu-bulu awakna kalah kaluar getih. Geus tuntas diajar élmu Agama Islam, Kéan Santang mulang ka Pulo Jawa di Pajajaran. Kéan Santang nyebarkeun Agama Islam. Réa rayat Pajajaran nu arasup Islam, iwal ramana nu henteu. Kéan Santang maksa Prabu Siliwangi lebet Islam, tapi tetep nolak. Prabu Siliwangi kabur ka Palabuan Jayanti tapi katéwak. Prabu Siliwangi teu kersaeun ngalawan ka putrana. Teras ngahiang balad –baladna ngawujud maung sarta nyarumputna dina leuweung Sancang, Pameungpeuk, Garut. Prabu Siliwangi jeung baladna anjog ka wewengkon pakidulan Banten, ayeuna katelah urang Baduy téa. Sanggeus kanyahoan yén ramana ngahiang, Kéan Santang terus nyebarkeun agama Islam di daérah Tasikmalaya dibaraengan Syéh Haji Kudro Tuloh, ieu Syéh téh ayana di Cihaurbeuti, sanggeus pupus layon Kéan Santang dikurebkeun di daérah Gadog, Garut.

Amanat       :-Urang kudu usaha ngarah naon nu di cita–citakeun kalaksana.
                    -Agama islam teh leuwih luhung,leuwih mulya tibatan naon bae.
                    -Jalma gagah tur sakti oge, pasti bakal aya anu ngelehkeun.
                  

MATERI DONGENG LENGKAP BAHASA SUNDA


DONGENG
A.   Pengertian Dongeng Basa Sunda
Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh kacida pisan lobana, diantarana nyaeta dongeng. Dongeng nyaeta carita anu teu asup akal jeung teu bener-bener kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian zaman baheula.

Tapi mun ningali kaayaaan zaman ayeuna mah barudak teh, khususna anu cicing di Tatar Sunda loba anu teu wanoh-wanoh acan kana dongeng.

Kukituna urang salaku kaum muda anu gelar jeung cicing di Tatar Sunda boga kawajiban ngawanohkeun tur ngajak barudak sangkan resep kana Sastra Sunda utamana kana dongeng. Jenis dongeng teh loba pisan rupana diantarana ayafabel,parable, legenda, mite, sage, pamuk jeung dongeng pieunteungeun.

B.     Sajarah Kamekaran Dongéng
Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina zaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu. Dina ieu zaman, sastra anu aya, teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim).

Teu kawas pantun,  carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih, jeung saterusna. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya sanggeus urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat kabar.

C.    Wangenan Dongéng Basa Sunda
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian. Dongéng biasana sok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula.

Numutkeun kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana. Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok.

Dongéng téh mimiti gelarna mangrupa wangun lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma lianna, tur teu kapanggih saha nu ngarangna atawa anonim. Lantaran  nyebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit.

Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun  prosa. Nilik kana wandana jeung patempatana, dongéng biasana sok ngambarkeun kaayaan baheula. Tokoh-tokoh dina dongéng henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna. Bisa oge nyaritakeun tempat.

D.    Unsur-unsur Dongéng Bahasa Sunda
1.        Tema
Tema nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hijicarita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada macaatawa ngadéngékeun dongéng.

2.        Galur (Plot)

Galur atawa osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hijilanjeureun carita.
Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.

3.         Tokoh
Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
Dina carita aya nu disebut tokoh utama jeung tokoh panambah
Ø  Tokoh atawa palaku utama nyaéta jalma atawa pihak nu jadi sentral atawa puseur carita
Ø  Tokoh atawa palaku panambah mah jalma atawa pihak anu jadi panambah supaya éta carita téh jadi hirup.

Watak/karakter mangrupa pasipatan nu nyampak dina diri tokoh atawa palaku.

4.         Latar
Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadianhiji carita dongéng.

5.         Amanat
Amanat nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka nu maca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.

E.     Ciri – Ciri Dongeng
1.    Caritana pondok Leunjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nyaéta dongéng mah osok didongéngkeun kabarudak, nu tangtuna kamampuh nangkep basa jeung caritana masih kawatesanan.
2.    Aya bagian anu pamohalan.
3.    Aya nu kaasup wangun lancaran jeung ugeran.
4.    Anonim, teu kapaluruh nu ngarangna.
5.    Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikerun atikan, hiburan, proses sosial, atawa kahayang nu disidem, sanajan dongéng ditepikeun sacara malibir tapi mibanda atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
6.    Sipatna teu logis, nyaéta mibanda logika nu béda jeung logika umum.
7.    Sipatna tradisional, nyaéta sumebarna sacara turun- tumurun.
8.    Pola ngadongéng sok angger.

F.     Pungsi Dongéng

Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan.

Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nu nurutkeun kana kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng.

Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngéng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun nu ditétélakeun ieu di handap:

1.        Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.
2.        Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.
3.        Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
4.        Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.
5.        Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.
6.        Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.

Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975, yén dongéng tiasa ngaronjatkeun Intelegence Question (I.Q) budak.

Budak kakeunaan ku Virus Ach, nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal.

Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amérika.

Sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.

G.  Papasingan Dongéng
1.    Dongéng Sasatoan (Fabél)

Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa, tapi diperankeun ku sato. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran.

Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Contona  carita Sakadang Kuya jeung Sakadang  Monyet. Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet téh mangrupa dongéng sasatoan asli ti Sunda.

Bénteun jeung dongéng anu palakuna sato séjén. Contona dongéng Sakadang Peucang, hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh ti sastra Jawa.

2.    Dongéng Babad (sage)

Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.
                                                                                
3.    Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabél)

            Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.

4.    Dongéng Mite

Dongéng mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap karamat ku masarakat.  Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana nu maot.

Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, jeung tanda-tanda alam. saperti sangu, jagong,jsté. Contona : Dongeng Dewi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.

5.         Dongéng Pieunteungan

Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa. Bisa dongéng jalma biasa atawa sasatoan. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.

6.     Dongéng Pamuk

Dongéng pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi''.
Prabu Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan.

7.      Dongéng Légénda

Dongéng légénda nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Dongéng sasakala mangrupa golongan carita anu geus turun tumurun, anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa.

Papasingan Legenda

Ø  Legenda Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu geus dikumpulkeun diantarana:Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste.

Ø  Legenda Alam gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.

Ø  Legenda tokoh jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.

Ø  Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.

G.     Teknik-Teknik Ngadongéng

1.      Maca Langsung Tina Buku

Tekhnik ieu anu paling éféktif lamun guru ngabogaan buku dongéng anu pikareseupeun nu cocok di bacakeun ka murid. Cirining yén dongéng bisa dipahami ku barudak nyaéta pesen nu didugikeun bisa diserep tur paham yén kalakuan dina dongéng téh bener atawa salah.

2.      Ngadongéng ngagunakeun ilustrasi tina gambar

Teknhik ieu éféktif lamun dongéng anu didugikeun dibarengan ku ilustrasi gambar tina buku anu pikaresepeun budak. Nyaritakeun dongéng maké ilustrasi gambar téh, maksudna pikeun ngajelaskeun pesen-pesen anu aya dina caritaan.

3.      Nyaritakeun Dongéng Sacara Langsung

Tekhnik ieu éféktif digunakeun lamun guru nyadiakeun dongéng anu bisa narik karesep siswa. Teknik ieu mangrupakeun teknik anu paling simpel, sabab teu mikabutuh kana média anu séjénna.

4.      Ngadogéng Ngagunakeun Papan Flannel

Cara ngajieun papan flannel nyaéta ku cara ngalapisan papan ku kaén flannel nu warnana netral, terus gambar tokoh-tokoh anu ngawakilan watak dina dongéng éta digunting polana dina kertas, terus ditémpelkeun dina papan éta.

5.      Ngadongéng Ngagunakeun Bonéka

Biasana métode ieu mah disesuaikeun jeung umur sarta pangalaman barudak, biasana barudak bakal resep pisan lamun dongéng dibacakeun bari make bonéka.

Sumber: Basa Sunda.; B Sunda.com

JENIS WAWANCARA

JENIS WAWANCARA Dumasar kana carana, kagiatan wawancara dibedakeun jadi 3 rupa, nya eta: Wawancara Mandiri Wawancara ind...